Bahan :

1.  1/2 Kg Kacang hijau direndam selama 1 malam

2.  Garam

3. Penyedap

4. 2 siung bawang merah

5. 2 siung bawang putih

6.  1/2 sdt merica bubuk

7.  Minyak untuk menggoreng

Cara membuat:

- Haluskan semua bahan, aduk menjadi satu

- Bentuk sesuai selera, kemudian goreng dengan menggunakan minyak panas sampai matang ( kekuning – kuningan)

- Setelah itu angkat

Siap dihidangkan

Bahan  :

1.  2 Kg Bandeng ( 8 ekor )

2.  1 Kg Bawang merah

3.  4 liter santan ( dari 3 butir kelapa )

4.  1 ons bawang putih

5. 1 1/2 ons  gula merah ( sesuai selera)

6.  Garam secukupnya ( sesuai selera )

7. 1 sdm Ketumbar

8.  Daun pisang secukupnya

Cara membuat:

- Bawang merah diiris halus, kemudian digoreng sampai kering

- Bawang putihyang sudah digoreng dihalusan beserta ketumbar yang sudah disangray

- Panaskan santan sambil diaduk supaya tidak pecah sampai airnya kira – kira  menjadi 2 1/2 liter. Kemudian masukan semua bumbu sambil terus di aduk . Setelah bunbunya tercampur, ang kat

- Setelah agak dingin, masukan bawang goreng. aduk rata, sisihkan

-Bersihkan sisik bandeng sampai bersih, kemudian keluarkan isi perutnya melalui kepala . Diusahakan kulit bandeng jangan sampai sobek

- Pisahkan daging dengan tulang ( Duri )

- Masukan adonan santan kedalam bandeng , sampai terisi penuh, sehingga menyerupai ikan bandeng

-  Bungkus dengan menggunakan daun pisang

- Panggang pada api sedang

( Boleh menggunakan oven )

-

B

1.   Bisa ka bula ka bale  =  Bisa campur jeung jelema ti rupa – rupa golongan

2.   Biwir nyiru rombengeun  =  Resep nyaritakeun cecek bocek anu saenyana kudu di rasiahkeun

3.   Bobo sapanon carang sapakan  =  Teu puguh undak usukna, teu puguh entep seureuhna

4.   Bobor karahayuan  =  Katarajang apes atawa cilaka

5.   Bobot pangayon timbang taraju  =  Pangadilan, timbangan anu adil

6.   Bodo alewoh  =  Bodo bari daek tatanya

7.   Bodo katotoloyoh  =  Bodo bari tara daek tatanya

8.  Bogoh nogencang  =  Bogoh sosoranganan

9.   Bosongot bade amprotan  =  Dipikaginir, pasemon jagoan

10.   Borangan ku surak  =  Eraan dina gempungan jelema rea

12.   Bru d i juru bro di panti, ngalayah de tengah imah   =  Jelema benghar

13.   Buburuh nyatu di upah beas  =  Meunang dua rupa kauntungan

14.   Budak bau jaringao  =  Budak can aya kanyaho

15.   Bulu teneuh  =   Tukang tani, patani

16.   Buncir leuit loba duit  =  Taya kakurang

17.   Buntu laku  =  Teu bisa neruskeun pagawean

18.   Buntut kasiran  =   Koret

19. Bur beureum bur hideung , hurung nangtung siang leumpang  =  Hirup taya kakurangan salilana ginding

20.  Buta terong  =  Jelema nu sagala beuki

U

1.   Uang semir   =  Panyogok supaya pamenta urang gancang dikabulkeun

2.   Ukur pulang modal  =  Teu untung teu rugi

3.   Ulah incah balilahan  =  Ulah pindah pamatuhan

4.   Ulah sok ngeok memeh dipacok  =  Ulah sok ngarasa hoream ku pagawean memeh dicoba

5.   Undur katingali punduk, datang katingali tarang  =  Kanyahoan datang atawa inditna

6.   Unggah bale watangan  =  Katarik perkara

7.   Urang curug ngebul  =  Urang kampung nu jauh ti kota

8.   Urang kampung bau lisung, cacah rucah atah warah  =  Jelema dusun

9.   Uteuk encer  =  Calakan, pinter

10.   Uteuk tongo walangtaga  =  Barang – barang atawa sasatoan anu pangleutikna

W

1.  Wawuh munding  =  Wawun meueusan pedah mindeng papanggih

2.   Weruh sadurung winarah  =  Nyaho samemeh dibejaan

3.   Wiwirang dikolong catang  =  Nyorang wiwirang

T

1.   Taarna teja mentrangan  =  Tarang nu alus jiga cahayaan

2.   Tai ka hulu – hulu  =  Kacida bodona

3.   Tamba gado ngaburayot  =  Tamba cicing teu barang dahar, limayan sanajan teu ngeunah

4.   Tamplok batokeun  =  Berehan teuing nepika teu ngingetkeun kana kaperluan sorangan

5.   Tapel adam  =  Bibit buit, beuti pamelaran

6.   Taraje nanggeuh dulang tinande  =  Siap sadia ngajalankeun parentah

7.   Tarik alah batan mimis  =  Kacida tarikna ( lumpat, jst)

8.   Taya geusan pakumaha  =  Taya batur keur diajak badami

9.   Taya dunya kinasihan  =  Euweuh barang anu dikoretkeun pikeun jalma anu dipikanyaah

10.   Taya genah panasaran  =  Teu ngandung hate, geus ngarasa puas

11.   Taya halodo panyadapan  =  Taya eureuna

12.   Taya siruaneunana  =  Taya araheunana

13.   Taya tangan pangawasa  =  Teu boga tanaga atawa kakawasaan

14.   Teguh pancuh  =  Pageuh pamadegan

15.   Tembong gelor  = Siga deukeut padahal jauh

16.   Tembong tambagana  =  Kanyahoan gorengna

17.   Terusing ratu rembesing kusumah  =  Turunan menak

18.   Teu asa jeung jiga  =  Loma pisan

19.   Teu asup kolem  =  Teu kaasup bilangan

20.   Teu kaasup ka rewah mulud  Teu kaaku lantaran minculak ti batur

21.   Teu aya geuneuk maleukmeuk  =  Beresih hate, teu ngunek – ngunek

22.   Teu bade gawe  =  Teu bisa digawe

23.   Teu boga pikir rangkepan  =  Bolostrong, teu boga curiga

24.   Teu boga tulang tonggong  =  Teu boga tatalang raga

25.   Teu busik bulu salambar  =  Salamet henteu kabeunangan ku musuh

26.   Teu cai herang – herang acan  =  Teu disuguhan nanaon

27.   Teu ditarik teu ditakon  =  Teu ditanya – tanya acan

28.   Teu didenge ku tai ceuli  =  Teu diperhatikeun pisan

29.   Teu dihurang teu di keuyeup  + Pasrasaan mah teu di cacah teu di menak sarua bae

30.   Teu didinding kelir  =  Diceplakkeun satarabasna. taya nu dipinding – pinding

31.   Teu eleh geleng  =  Teu eleh pangabisa atawa teu eleh carita ku batur

32.   Teu embut teu ciak  =  Teu mere beja saeutik – eutik acan

33.  Teru gugur teu angin  =  Teu aya lantaranana

34.   Teu hir teu walahir  =  Deungeun – deungeun tulen

35.   Teu inget sacongo buuk  =  Teu inget pisan

36.   Teu kaur buluan  =  Beak deui beak deui

37.   Teu kakurung ku etnik  =  Teu kaasup bilangan nu ditangtuleun dahareunana

38.   Teu lemek teu mnyarek  =  Teu ngomong naon – naon

39.   Teu nalipak maneh  =  Ngalampahkeun hal anu teu luyu jeung kaayaan diri

40.   Teu ngaralung nu burung teu nyesakeun nu edan  =  Ngalajur napsu satakerna geus teu pilih – pilih deui

41.   Teu nginjeum ceulu teu nginjeum mata  =  Nyaksian sorangan

42.   Teu nyaho di alip bingkeng  =  Buta hurup

43.   Teu nyaho di hitut bau  =  Teu loba pangalaman, dusun atawa boloho keneh

44.   Teu pindo damel  =  Teu ngabohong

45.   Teu pugung alang ujurna  =  Teu puguh salang surupna

46.   Teu puguh monyet hideungna  =  Teu puguh tungtungna

47.   Teu sanak teu kadang  =  Teu boga baraya pisan

48.   Teu tuah teu dosa  =  Teu boga kasalahan nanaon

49. Teu uyahan  = rehe, kurang ajar

50.   Tibatab kapok anggur gawok  =  Teu kapok anggur ngahanakeun

51.   Tibatan meunang pala anggur meunang palu  =  Tibatan meunang pujian atawa buruhan kalah di carekan atawa meunang hukuman

52.   Tiis ceuli herang mata  =  Ngarasa sugema taya kahariwang

53.  Tiis dingin paripurna  =   Tiis ceuli herang mata =  Kacida sugemana

54.   Tiis leungeun  =  Jadian pepelakan

55.   Ti kikirik nepika jadi anjing  =  Ti budak nepika sawawa

56.   Tikoro kotokeun, careham hayameun  =  Isuk – isuk keneh kudu geus barang dahar

57.   Tinggal tulang jeung kulit  =  Kacida begangna

58.   Ti kongkoak nepika ngungkueuk  =  Ti bubudak nepika bongkok ku kakolotan

59.   Ti nanggerang lila beurang ti nangkoek lila poek  =  Ti tempat nu kacida jauh ti kota

60.   Titirah ngadon kanceuh  =  Hayang cageur malah beuki ripuh

61.   Tisusut tidungdung  =  Gawe beurat bari ripuh

62.   Trong kohkol moronlkol, dur bedug murungkut  =  Keur nu ngedul hudang subuh

63.   Tuduh acungan  =  Dititah nitah deui ka nu sejen

64.   Tukuh ciburuy  =  Teu daek narima pamadegan batur anu leuwih bener

65.   Tumpang sirang  =  Tumarimpang, Karagok bae jeung nu di cicingan

66. Tumarajong tanpa larapan  =  Datang teu ngiberan heula

67.   Tunggul dirurud catang dirumpak  =  Ngalajur napsu taya nu dihiding

68.   Tunggul kuras  =  Duit anu ngahaja disesakeun, ulah nepika kosong teuing

69.   Turunan tumenggung sundung, patih arit  =  Lain turunan menak sanajan jeneng

70.   Tulus langkung kepang halang  =  Omongan atawa caritaan nu teu merenah atawa salah

1.   Saampar samak  =  Sagebleg ( lahan ) jeung kayaanana meh sarua

2.   Sabata sarimbangan  =  Sauyunan, layeut

3.   Sabelas dua belas  =  Sarua gorengna atawa teu eucreugna

4.   Sacangreud pageuh sagolek pangkek  =  Sagala omonganana ditedunan tara jalir jangji

5.  Saherang – herang cibeas  =  Jalma nu geus meunang kanyeri hatena moal beresih pisan, sok sanajan di luarna hade

6.  Sakecap kadua gobang  =  Babari ngambek jeung babari ngadek

7.  Sakeser daun = babari lapar

8.  Sakuru – kuru lembu, saregeng – regengna banteng  =  Sateubogana jalma jeneng atawa pangkat luhur, atawa urut jalma beunghar

9.  Salah kaprah  =  Salah tapi geus umum

10.  Salieuk beh  =  Sagala nyampak

11.  Salisung garduh  =  Sakongkol

12.  Sanajan nepi ka bisa ngukir langit   =  Sanajan sakumaha pinterna

13.  Sapapait samamanis  =  Sauyunan

14.  Sapi anut ka banteng  =  Awewe nuturkeun lalaki

15.  Sareundeuk saigel  =  Sauyunan

16.  Satalen tilu baru  =  Sarua kitu – kitu keneh

17.  Satengah buah leunca  =  Kurang ingetan , rada gelo

18.  Satru kabuyutan  =  musuh turunan

19.  Saungkab peundeuy  =  Omongan ru ringkes sarta rada janggal

20.  Saur manuk  =  Ngajawab pertanyaan bareng sarta sarua

21.  Sieureun  =  Awewe anu tegep upama ditelek – telek

22. Siga bentang kabeurangan  =  Geulis pisan

23.  Siga bungaok  =  Goreng patut pisan

24.  Sireum ateulan  =  Teu sarua gedena

25.  Sisit kadal  =  Goreng milik

26.  Suku sambung lengkah, biwir sambung lemek  =  Darma mangnepikeun maksud batur

27. Sumput salindung  =  Boga kalakuan anu ulah kanyahoan ku batur

28. Sundul kalangit  =  Kacida luhurna kawas adek kana langit

R

1.   Ragaji beusi  =  Jalma nu bisa pisan nipu ku jalan ngolo  – ngolo

2.   Rambay alaeun reumbeuy beuweungeun  =  Subur makmur loba dahareun hasil tani

3.   Ranggaek memeh tandukan  =  Beunghar memeh boga

4.   Rea jangjang karawatna  =  Rea patula – patalina jeung perkara sejen

5.   Rea ketan rea keton  =  Rea dahareun jeung loba dahareun

6.   Rejeki kaseser ku hakan  =  Rejeki beak dipake barang dahar

7.  Rek dibeureum rek dihideung ge pasrah  =  Rek dimaha – kumaha oge pasrah

8.   Rek dijieun jimat parepeh  =  Awewe ku lalaki anu kacida bogohna, upama daekeun dikawin

9.   Rokrok pondokeun  =  Babari ambek

10.  Rubuh – rubuh gedang   =  Migawe hiji perkara anu ten nyaho maksud jeung tujuanana, ngan saukur nurutan batur

!.  Padu teu buruk digantung  =  Perkara moal ruksak ku ditunda

2.  Paeh pikir  = Teu boga karep

3.  Paeh poso  =  Meakkeun kadaek, tisusut tidungdung

4.  Pagede – hede urat rengge  =  Patarik – tarik nyoara, nu beluk atawa nu pasea

5.  Pait daging pahang tulang  =  Mulus awak, langka katerap ku panyakit kulit

6. Pait paria  = Pait ge ngeunah

7.  Pakait pikir  =  Jangji rek ngagij

8.  Panas leungeun  = Teu kajadian pepelakan

9.  Pangeprak remis  =  Purah diutuh etah

10.  Panjang lengkah  =  Jauh panyabaan

11.  Panjang leungeun  =  Sok pulang – paling, resep ceceremed

12.  Panon keongeun  = Panon caian bae

13.  Panonna kandar ka sisi  = Panonna resep ngareretan bae anu kasep (awewe lengger )

14.  Papadon los ka kolong  =  Pasini geus asak pisan tuluyna bolay

15.  Pariuk manggih kekeb  =  Nyetel

16.  Pareumeun obor  =  Teu nyaho baraya

17.  Pasrah arit  =  Pasrah luarna wungkul, henteu terus jeung hate

18.  Patpat gulipat  =  Kalakuan licik teu jujur

19.  Perlu kasambut sunat kalampah  = Ngalakukeun anu wajib bari sakalian jeung nu henteu dikudukeun

20.  Pondok nyogok panjang nyugak  =  Garihal teu matak resep ngadengekeunana

21.  Potol teko  = Potol pisan

22.  Puasa manggih lebaran  =  Makmak – mekmek

23.  Pucuk awian, lir awi sumear di pasir  =  Teu boga pamadengan sorangan

24. Punduk moal ngalihuran hulu  =  Sakumaha pinterna murid moal leuwih pinter ti guruna

25.  Pundung eon  = Pundung jijieunan, ngarah pada ngupahan

26.  Parada tamba kadengda  =  Tamba henteu teuing

27.  Pur manuk  = Digawe bari teu disuguhan, ngan diburuhan duit wungkul

N

1.   Najan dibawa kana liang cocopet  =  Daek najan dibawa ka mana bae oge

2.   Naheun bubu pahareup hareup  =  Ngahutang – hutang nepika kagok

nagih

3.   Nanggung bugang  =  Ditinggal maot ku lanceuk jeung ku adi

4.   Nepika nyanghulu ngaler  =  Nepika maot

5.   Nepika pakotrek iteuk  =  Nepika kolot

6.   Nepung – nepung bangkelung  =  Ngaraketkeun babarayaan ku jalan

bebesanan

7.   Nete akar neumbing jangkar  =  Seseleket, nyorang jalan nu rumpil

8.   Nete porot ngeumbing lesot  =  Sagala usaha teu hasil

9.   Neukteuk leukeur meulah jantung, geus lain – lainna deui  =  Teu hayang

dibalikan deui

10.  Ngabejaan bulu tuur  =  Ngabejaan nu geus nyaho

11.  Ngabudi ucing  =  Kawas nu teu karep, api – api teu hayang padahal nga

dagoan batur bongoh

12.  Ngabuntut bangkong  =  Teu bisa nganggeuskeun pagawean

13.  Ngaburuy  =  Nyaneut teu make lawuhna

14.  Ngacak ngebur  =  Kokomoan, mangpang – meungpeung

15.  Ngadago – dago dawuh  =  Tereh maot

16.  Ngadagoan kuda tandukan  =  Mikarep perkara anu mustahil

17.  Ngadaun ngora  = Nembongkeun deui kamajuan, sanggeus ngalaman

jaman mundur

18.  Ngadeupaan lincar  =  Ngadeukeutan hayang diaku

19.  Ngadu angklung  =  Parerea omong anu taya gunana

20.  Ngahurun balung ku tulang   =  Nangkeup tuur nandakeun keur

bingung atawa susah

21.  Ngajeler paeh  =  Halis anu ngajepat alus, sapeti jeler paeh

22.  Ngajerit maratan langit, ngoceak maratan mega  =  Ngajerit tarik pisan

23.  Ngalap hate  =  Ngangeunahkeun hate batur supaya dipikanyaah atawa

resepeun

24.  Ngalenghoy lir macan teu nangan  =  Leumpang alon tapi alus

katenjona

25.  Ngaletak ciduh  =  Narik omongan nu geus di kedalkeun

26.  Ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut, ngembat – ngembat nyatang

nyatang pinang  =   Ngaleut panjang pisan

27.  Ngalintuhan maung kuru  =  Neangan pibahayaeun

28.  Ngan ukur saoleseun  =  Ngan saukur saulineun

29.  Ngandung hate  =  Ngunek – ngunek, boga hate goreng, hayang males

kanyeri

30.  Ngarah ngarinah  =  Nipu, ngarugikeun batur ku jalan ngabobodo

31.  Ngaraja dewek  =  Marentah nagara nurutkeun kahayang sorangan

32.  Ngarah sahuapeun sakopeun  =  Usaha leuleutikan, neangan rejeki

saharitaeun

33.  Ngarangkai koja  =  Mimiti hade, lila – lila jadi goreng

34.  Ngareuntaskeun dungus  =  Kalaksanakeun ngawin kabogoh ti keur                   ngora dina umur pakokolot

35.  Ngegel curuk  =  Teu hasil maksud

36.  Ngembang awi  =  Ngeumbreuk, teu laku

37.  Ngembang bako  =  Bosongot

38.  Ngembang boled  =  Tetela

39.  Ngembang cau  =  Jantungeun

40.  Ngembang cengek  =  Geulis, nenggang ti nu sejen

41.  Ngembang genjer  =  Gelenye

42.  Ngembang jajat  =  Jalinger

43.  Ngembang jambu  =  Lumenyap

44. Ngembang kaso  = Cilimit

45.  Ngembang kadu  =  Olohok

46.  Ngenbang laja  =  Jamotrot

47.  Ngembang lopang  =  Nyacas

48.  Ngembang waluh  = Alewoh

49.  Ngeuneh eon teu ngeunah ehe  =  teu adil  atawa pinter kodek

50.  Ngeunah nyandang, ngeunah nyanding  =  ahirup senang lantaran

cukup pake, jeung nyandingkeun pamajikan anu satia

51.  Ngijing sila bengkok sembah  =  Teu satia ka dunungan

52.  Ngodok liang buntu  =  Geus cape, tapi teu hasil lantaran aya nu

ngahalangan

53.  Ngomong sabedug sakali  =  Arang ngomong

54.  Ngotok ngowo  =  Cicing lila di imah batur

55.  Ngukur ka kujur, nimbang ka awak  =  Ngukur kamampuan diri

56.  Ngusap birit  =  aninggalkeun pasamoan  bari teu pamit heula

57.  Ninggalkeun hayam dudutaneun  =  Ninggalkeun pagawean nu can

anggeus

58.  Nini – nini leungit sapeuting, Tai maung huisan  =  Kari – kari

59.  Nu borok dirorojok, nu titeuleum disimbeuhan  =  Nu keur susah di

pupuas, ditambahan kasusahna

60.  Nu burung diangklungan, nu edan dikendangan  =   Nanggap carita

gedebul rahul

61.  Nungtik lari mapai lacak  =  Neangan katerangan tapak lasak baheula

62.  Nurub cupu  =  Ninggang papasangan nu kasep jeung nu geulis

63.  Nyaah dulang  =  Nyaah ka anak nganmerhatikeun dahar pakena bae,

tapi teu malire atikanana

64.  Nya di hurang, nya di keuyeup  =  Parasaanmah teu di rahayat teu di

rahayat teu di pajabat, sarua bae

65.  Nyaho lautanana  =  Nyaho karesep jeung ka teu resepna

66.  Nyekel sabuk milang tatu  =  Perang tanding, ngadu jajaten

67.  Nyeuri beuheung sosonggeteun  =  Kesel ngadagoan nu rek datang

68. Nyiar batuk pibaraheun  =  Neangan picilakaeun

69.  Nyieun catur taya dapur  =  Ngarang carita teu puguh galurna

70.  Nyolong bade  =  Ulat bageur padahal jahat

1.   Mabok pangkat  =  Adigung asa aing jeneng

2.   Macan biungan  == Jelema anu teu akur jeung batur salembur

3.   Maliding sanak  = Pilih kasih

4.   Malik mepeh  = Gulang guling nahan kanyeri

5.   Malik rabi pindah ngawula  =  Nganteurkeun dahareun ka menak, atawa dunungan atawa atasan nu anyar

6.   Manan leweh mending waleh  =  Tinimang matak susah sorangan, mending nyarita satarabasna

7.   Manasina sambel jahe, top – top tewewet  =  Moal ujug – ujug karasa hasilna  atawa gunana

8.   Mani hayang utah iga  =  Ngarasa kacida sebelna nenjo atawa ngadenge kalakuan batur anu oukaujudeun

9.   Maot ulah manggih tungtung, paeh ulah manggih beja  =  Sing bener ari keur hirup, supaya ulah diomongkeun ari geus maot

10.  Marebutkeun paisan kosong  =  Marebutkeun perkara anu taya gunana atawa euweuh mangpaatna

11.  Mata dijual ka peda  =  Dilarapkeun ka nu malaweung

12.  Meubeut meulut  = Nyarekan bari mamawa kasalahan jalma sejen

13.  Meunang kopi pait  =  Dicarekan atawa digelendeng

14.  Mengpeun carang  = Api – api teu nyaho

15.  Meu[eus keuyang  = Ngabudalkeun amarah atawa kakeuheul ka nu teu tuah teu dosa

16.  Midua pikir  =  Teu satia dina urusan cinta

17.  Milih – milih rabi mindah = mindah rasa  =  Ganti pamajika sugan leuwuh ngarepok

18.  Mindingan beungeut ku saweuy  =  Nyimbutan rasiah sorangan anu geus jadi rasiah umum

19.  Mipit teu amit ngala teu menta   =  Maling

20.  Misah badan misah nyawa  =  Teu sarua boh lahir boh batin

21.  Miyuni hayan kabiri, kumeok memeh dipacok  =  Euweuh kawani, can ge acan geus jejerih

22.  Miyuni hayam kamayung  =  Teu payaan

23.  Miyuni umang  = Euweuh kadaek, teu hayang uhtiar neangan pakaya

24.  Moal jauh laukna  = Moal hese piuntungeunana

25.  Moal ditarajean  = Teu sieun

26.  Moal mundur satunjang beas  =  Moal ngejat sanajan salengkah

27.  Moal neangan jurig teu kadeuleu  =  Moal nyangka ka saha deui lantaran geus boga bukti

28.  Moal nyapek mun teu ngoprek  =  Moal boga rijki lamun teu usaha

29.  Mobok manggih gorowong  =  Kabeneran manggih jalan pikeun ngalaksanakeun karepna

30.  Modal dengkul  =  Modal mangrupa kadaek jeung tanaga wungkul

31.  Mucuk eurih  =  Lalencop ibarat pucuk euri ( ramo awewe )

32. Malangkeun panyiraman  =  Mikahayang nu lain – lain cenah dipikahayang ku indungna waktu keur nyiram ku manehna

33.  Murag bulu bitis  =  Hayang udar ider bae, teu betah cicing di imah

34.  Muriang ku kawayaan  =  Upama keur kabungbulengan teu kuat nyangga lara ati

35.  Musuh atawa satru kabuyutan  =  Musuh ti baheula nepika ayeuna, musuh turunan

Halaman Berikutnya »

Ikuti

Get every new post delivered to your Inbox.